Orongoh.

Yusni Tria Yunda. [đŸ“đŸ“šđŸ“·].
Cinta tanpa kapentingan = Aki.
A = jang Allooh.
"Key"/'ki' = Konci.

Orongoh, nya éta kecap poyokan nu mineng disebatkeun ku Mini, ogé Bi Titing, ka simkuring mangsa eukeur budak.
Rumaos, ari waos payun simkuring mĂ©mang rada baradag, Gigi_Susu, harita tĂ©h. 
Rada aya kasami jeung waos Mang Yuyu, salasawios rayi pamegetna Mini. 

Tapi jéntré langkung deuheus ka modél waosna Ayah Yunus, anumana kasauran Mamah Nina mah, sakieu ma orongohna Aa [simkuring] ma teu pati kawas Ayah, komo jeung Mang Yuyu ma, tebih Daya_Maju_NA.


Pasalna orongoh, nyaéta hiji kondisi waos nu rada maju mayunan lambey bagéan luhur.

Harita di Kota Bandung, zaman Kandaraan Umum, nu disebat 'Bémo': modél kandaraan mesin nu rodana tilu, formasi; 1 (hiji) di payun tengah, kalih 2 (dua) di pengker. Tah, nu diisbatkeun waos - waosna saperti modél bémo kitu, éta namina orongoh téa.


Waos - waos payun bagéan luhur Pun_Ayah, mémang kawas 'balapan' jeung kamajengan waos - waos payun_luhur_NA Mang Yuyu.

Mantenna duaan, nu langkung pas diisbatkeun salaku orongoh, ceuk simkuring ma, sanés simkuring, nu saukur kagungan waos - waos payun_luhur nu baradag, ananging tanpa "off_side" ngalangkungan wates lambey luhur. Komo upama eukeur dimonyongkeun mah.

Tapi parawatan waos - waos simkuring, ti alit kĂ©nĂ©h mĂ©mang diperhatoskeun pisan ku Aki Soemantri, nu nyaaheun pisan ka simkuring. 

Cacakan sanés teureuh Aki Teges nu ngeclakkeun getihna ka simkuring, ananging nya kitu téa ari kanyaah ma, upama geus bijil jahar manah ka payuneun lambey, tanpa pipilih deui: rék ka saha, rék ka nu mana.

Diajak rutin ampir 2 (dua) sasih sakali, marioskeun baham, khususna waos - waos ka Dokter Nai Harkat, nu harita [sakitar Taun 1986 - 1988] dumuk praktékna di Jalan Buah Batu, Kota Bandung, prakték bersama, nu sok aya Tukang Bapao Médan di buruan payunna, kalih pagigir - gigir jeung Apoték Persada.

Ku Bu Dokter Nai, Aki dipasihan setélan - setélan waos palsu, nu siap digaransi sérvis upama diraosna kirang pas, boh dina mangsa eukeur tuang, boh dina mangsa eukeur nyarios.

Ari simkuring?: Gigi_Gigi_Susu simkuring nu laliangan, ditarambalan ku Bu Dokter Nai. Talatén jeung tarapti pisan.

Aya sakitar 2 (dua) modél warna bahan nu dianggo nambal waos_waos_susu simkuring harita téh: réhna nu warna pérak [hawuk, abu - abu], kalih nu warna bodas semu konéng.

Ku Aki, unggal aya liang anyar dina waos simkuring, dijajap deui ka Dokter Nai.

Kitu, dugika aya cirén bakal barijil Waos_Tetep, aya sababaraha Waos_Susu nu kantos dicabut ngalangkungan yasana dr.Nai_Harkat.

Tapi sainget simkuring ma, mangsa Waos_Tetep Ka_1 simkuring medal, parantos tara dijajapkeun deui ka Dokter Nai ku Aki téh.

Sa_Bab?: harita padumukan kami ngalih ka Jalan Parakan Wangi, bumina Kulawargi Atih, Putri Ka_dua_na Aki Soemantri, sabada` kajantenan kahuruan wangunan bumi Aki di Jalan Nilem II Nomer 7, Bandung. Jarak janten rada anggang antawis zona tempat praktékna Bu Dokter Nai kalih padumukanna Aki jeung simkuring.

Comments