Mangsa SMP Pun Ayah.

Diserat ku: ZIHNI MUQARRAB SATRIA YUNDA

Panyerat nyaèta murangkalih wanoja ti Pun Ayah: YUSNI TRIA YUNDA. Panyerat eukeur diajar sakola règulèr Kelas Opat Sakola Dasar (SD).

Kaping ieu, 21/12/2018, simkuring jeung Pun Ayah eukeur ngulik cara ngoperasikeun Blogger. Ieu ogè nganggè rohangan blogspot anu parantos aya nu Pun Ayah. Ètang - ètang diajar babarengan. Tèma nu seja rek di bahas nyaèta mangsa Ayah lebet ka SMP, kirang langkung harita yuswa Ayah eker sami jeung yuswa simkuring danget ieu.

Mangsa zaman Pun Ayah upami bade leubet sakola SMP nganggo sistem NEM(NILAI EPTANAS MURNI), anumana eptanas ogè singgetan tina evaluasi belajar tahap akhir nasional. Janten saneh ditangtosken tina nilai rapotna nanging ditangtoskeun tina nilai hasil ujian akhir.

Harita zaman Ayah aya dua pilahan sakola SMP negeri anu dumasar tina NEM tea. Biasana passing grade atanapi nilai panampian tina sakola taun kamari di jantenkeun tolak ukur pikeun taun ayena sahingga calon siswa tiasa merkirakeun sabaraha NEM anu dipigaduh ku calon siswa iye tiasa leubet te??. Anu taun kamari. Dina aya kamajengan oge tangtos nilei passing grade moal tebih teing sareng nilai taun kamari. Ari maksad pala sepuh nyakola keun murang kalihna ka sakola negri nyaeta pikeun ngengingkeun layanan atikan anu sae berkualitas anu berlaku katut biaya anu hente saawis sakola-sakola partikelir (SWASTA).

~~~
Pairan ka-hiji : kaping postingan sami, tabuh 8:49 wengi, ngeunaan kelas, asalna lepat nyerat: Kelas Genep, sakedahna: Kelas Opat. Ieu parantos dirobih.

Ka-dua : nami panyerat kawitna: ZIHNI MUQARRAB SATRIA YUNDA, saparantos diinget deui badè dirobih janten nami pun rayi: ARIKA ZAKIA DWITRIA YUNDA. Tapi saparantos dibadanten dei anjeunna te sapagodos ku kituna te cios ngangge nami anjeunna wios wasta simkuring bae.

Anapon analisa pun ayah Arika jeung Zihni aya pabentenan numana Arika ma mèmang konsisten tina waktos ka waktos, samantawis sanggeman Pun Ayah eta sadayana kawasa Allah sanes pinter kunyalirana.

Comments