Caritakuring_yty》Térmos.


Yusni Tria Yunda. [📝📷📚].

Pun_biang: Mamah Nina, kantos nyarios yén kapungkur aya kajantenan mantenna paséa jeung Bapa Budi, Carogéna harita, anumana kami [simkuring jeung 2 (dua) Urang Rayi Simkuring] eukeur aralit yuswa can sakola.

Kara nu janten pacogrégan harita, nya éta kara basajan, sabenerna ma, ceuk simkuring ayeuna.

Mamah ngadat, sabab Bapa sok wengi waé mulihna téh, ka bumi harita nu dikrontrak ku marantenna duaan, nyandak kami - kami.

Naha beut ngadat?.

Sa_Bab éta kawenginakeun mulihna Bapa, réh NA ngadon masang nomer_buntut heula, anumana ceuk pamendak simkuring danget ieu?: éta ma kara nu basajan, komo deuih pikeun Zaman Ordeu Baru harita téh [sakitaran Taun - Taun 1984 - 1985], di Daérah Sakitaran Jalan Taman Sari, Kota Bandung, dumuk di Kontrakanna Ma O'`oh.

Harita, pamaréntah mémang nyayakeun samodél Sumbangan Dana Bakti pikeun Kasejarhteraan Sosial, anumana carana nya éta ngalangkungan pajudian nomer Toto_Gelap [TO_GEL], di antawisna: SDSB nu sok dipéséran ku Bapa.

Salian ti éta, tapi ngan sakali kapendak ku Mamah, nya éta Bapa téh kungsi eueut Minuman Keras dugi ka mabok, laju ngagebugan Tukang Béca.

Ngeunaan carita sideman ieu, kiwari, sim kuring tanpa reuwas teuing. Sa_Bab?.

Ari béca, ngingetkeun simkuring kana profésina Akina Pun_Raka: Pa Mu`éh, Urang Pajagalan, Kota Bandung, nu kagungan Bisnis Bandar Béca jeung Bumi Kontrakan, dina zaman Taun - Taun 1970_an, anumana Pun Rama: [Ayah] Mochammad Junus Djakfar, kantos ngontrak di salasawios asét mantenna: Aki_NA Pun_Raka: Zaitun Nurul Yunda, anu engkéna janten Putri Ka_1 Pun Ayah, bada nikahna Ayah ka salasawios Putrina Pa Mu`éh: (Mamah) `Ai.

Kacaturkeun, dina pajalanan kahirupan, Pun Raka tanpa sampurna dina qobla_nikah nu ka_1, sareng Kakasihna*: (Kang) Asép Mulyana, nya éta?: sateuacan Akad Nikah, parantos tipayun ngagaduhan binih janin ti Kang Asép téh.

Nya, atuh, ku cara Pangobatan Réfléksiologi, ala Klinik Hérbal_NA Bang Din [Pa Nasrudin] ma kahartos, yén Hak Tanggungan Pun Ayah, sateuacan mantenna ngantunkeun téh [Taun 1995], panginten taya hubunganna langsung jeung lalakon Bapa Budi neunggeulan Tukang Béca, nu janten simbol kasang tukangna panafkahan Kulawargi Akina Pun Raka téa: Pa Mu`éh. Tapi?.


Ku ayana kajantenan kacilakaanna Pun Raka jeung Carogéna téa, sakitar 2 (dua) taun saméméh Pun Ayah ngantunkeun, berarti?: sakitar Taun 1993, éta ma ibarat pangulangan wungkul ti kajadian perkarana Atih: Raka Bapa Nu Ka_2, anumana puluhan taun saméméh Kajantenan Pun Raka téh, Atih mah parantos tipayun ngalaman sareng Calon Carogéna harita: Papah Achmad/Komara Achmad Hidayat.

Tah, ari sacara kasaksian?:

Ngeunaan Katerangan Pun Mamah?: simkuring ngadangu langsung ti mantenna.

Ngeunaan Carios Sajarah Pun Raka?: simkuring ngabandungan langsung saparantosna, ti Para Palaju Éta Sajarah.

Ngeunaan Carios Sajarah Rakana Pun Bapa [Bapa Budi]?: simkuring ngadangu langsung miwah ti Bi Titing, réncang nu ngabantosan Mamah Atih dina sadidintenna ti mangsa Pala Putra - Putrina Atih aralit kénéh.

Ngeunaan Carios Sajarah Pa Muéh?: namina simkuring diuningakeun ku salasaurang Rayi Sa_Mamah_na Pun Raka: Kang Cépi.

Simpelna ma?: Bapa pamanasan heula, sateucaan Aki: Ramana, nu gaduh kawenangan kalih tanggel_waler kara Putri_na, ngantunkeun. Hartosna?: saméméh Hak Tanggungan kara lara éta dilimpahkeun ka Pala Putrana, mangka Bapa: Putra Pangageungna, latihan heula.

Pas kasusna kapaluruh ku cara Pangobatan Tradisional, nyaéta ku ayana pambanding: Variabel Kasus Pun Raka, mangka?: Atih tanpa nyalira. Sa_Bab?: aya generasi salajengna, nu tina teureuh bentén [Belasteran Urang Acéh - Sunda], nu ngalaman ogé naon kara nu kantos dialaman ku mantenna.

Tapi da ari harita mah, Mamah: sakitar taun 1984 - 1985 téh meureun lain ka dinya ngingetna, saukur ngélingan Carogéna: Bapa Budi, sanés Éks Carogéna harita: Ayah Yunus, ngeunaan kara judi jeung mabok khomer, sanés kana kasadaran kara zinaa nu janten Hak Tanggungan Lalaki Calon Panerus Ramana: Aki Soemantri.

Ari Bapa ngadon malik ngamuk ka Mamah Nina. Pas marantenna paraséa, Mamah Nina malah mah nangtang Bapa, seuna ngababuk mantenna. Atuh Bapa Budi anu eukeur aral, sabab panto bumi ka kontrakkan aranjeunna dikonci, teu dibuka - buka ku Mamah, ari pas dibukakeun ngadon diréwélan, tanpa seueur carios deui: aya térmos dibabukkeun kana mastakana Mamah Nina, Mamah dugika kapiuhan diteunggeul ku térmos.

Pas sadar Mamah pingsan, Bapa ngajéwang Irma, Pun Rayi nu orok kénéh harita, laju muru ka Jalan Nilem, Padumukanna Aki jeung Ibu: Rama jeung Biang Tegesna. Bapa ngadamel Berita Acara Perkara ngeunaan paséa mantenna jeung bojona [Mamah Nina]. Laju?: enjing - pagétona: Aki, Ibu, jeung Mini [salasaurang Putri Aki], ngadongkapan Mamah, jeung Mamih [Ibuna Mamah], nyanggakeun paceréian Bapa Budi jeung Mamah Nina.

Mamah, nu eukeur dirawat di Rumah Sakit, nampi wartos yén dirina parantos ditalak_hiji ku Bapa Budi.

________
*Éditasi_1: 20/04/2020》
Ngarobih Huruf Kapital/Huruf_Alit, dina Kecap 'kakasihna', ku Huruf_Ageung, janten: 'Kakasihna'. Ari lafalna ma angger, ngan?: pangartosanna janten bentén: ari 'kakasihna' ma tiasa dihatoskeun 'namina'/'jenenganna', sadengkeun ari 'Kakasihna' ma cindek kana hartos: Kabogohna/Jalmi nu eukeur di_ta_`aruf_an dina danget éta.





Comments