Syaraf Satukangeun Cepil.

Yusni Tria Yunda. [📝💊📚].
Ieu dinten ka_2 simkuring udur waos beulah handap_katuhu. Sababaraha sasih kalarung, cohak nu janten liang dina waos ieu téh [ka_5 ti Waos Séri Payun_Tengah], kantos dilandongan nganggé infaq resepna Sopir Angkot Jurusan Ciparay - Tegallega, kalayan damang saparantos 3x dianggo, dina WordPress Barita Acarana.

Ari kiwari, anu matak nyeri deui téh, rupina sabab 2 enjing - engjing kalarung [mangkuk_NA], Bapa ngageuingkeun simkuring tina kulem wayah isroq, sibuk barojeung mukaan hordéng di Rohangan Tamu paragi simkuring leleson.

Laju simkuring nu lulungu kénéh, ujug - ujug ngaraos ateul gusi, nya éta palebah waos ka_2 satukangeun Waos_Taring téa, atanapi sami jeung Waos Ka_5 satukangeun Waos Séri téa.

Diuget - uget ku simkuring ieu waos nu aya liangan tĂ©h, anumana sanaos parantos rada ungger ti sababara sasih kalarung, ananging tacan punglak, komo kacabut nyalirana mah. 

Atuh jadina téh asa kukurunyudan nyeri, tur rada ngabareuhan dina palebah gusi nu kapelakkan akar waos nu liangan téa.

Nyaan nyeri. Tapi sataker kebek dioyag - oyagkeun ogé simkuring tanpa wasa, paur ngadon satengah - satengah: coplok henteu, ngadon potong, sakumaha ampir sadayana waos simkuring palebah payun: nu luhur_NA kalih nu handap ogé.

Ditahan wéh kanyeri téh, barijeung ci_acay, hésé kabendungna, anumana éta ngacay téh sabab sacara otonom syaraf - syaraf sakitar baham bakal ngarangsang énzim - énzim ptialin dina bahan kaluar, ngaleuwihan kadar ciduh, cirining réaksi awak pikeun tangara aya rasa kanyeri nu kaleuleuwihi, nu ditepikeun ku déndrit ka akson, laju ka sinapsis, lajeng ka Otak Ageung bagéan payun.

Dina kortéks, éta kanyeri dicobi di_self_healing_keun, nya éta: di_haling_keun ku mékanismeu Sistem Syaraf dina badan?: sumuhun, ku cara nyelay_NA ci_acay nu tanpa katahan, bakating ku nyeri.

Kungsi ngeunteung, aéh, kawan nu gajala épilépsi, sapertina, saupama saukur merhatikeun kana ngacay_NA.

Ann_ing saupama ditilik - tilik deui kana kulit raray bagéan rahang, NA éta mah da katingali bareuhna atuh, sahingga ku ayana gajala Variabel Ka_2 ieu dina beulah kulit panutup rahang nu rumangkep mangrupi indikator pikeun ngadiagnosa panyawat: batur ogé tiasa langsung uni, yén ieu ma mémang nyeri syaraf waos, sanés épilépsi.

Jadi?: ulah sapédah_na ningali ngacay tanpa sadar, laju divonis yén ieu gajala épilépsi, tapi tingal tina babanding Variabel_Lian_NA.

Komo deui saupama parantos dicabak ku tungtung réma - réma ieu bagéan rahang nu ngajendol téh, da karaos aya enyut - enyutan dua urat - urat nadi karampa tina kulit rahang kénca jeung katuhuen, tapina?: tebih langkung tarik jeng gancang wanci enyut - enyutan nu di beulah katuhu, daripada nyut - nyutan urat nadi nu di beulah kénca.

Éta Variabel_Ka_3 dina ieu diagnosa.
Laju, ngukur kadar parahna kasakit [kasawat], sanés panyakit [panyawat], tina guligahna jantung, anumana unggal rénghap_ranjugna bayah mangsa narik - ngaluarkeun nafas, asa jauh leuwih gancang gubag - gebeg_NA. Geus puguh ari ngacayna ma teu eureun - eureun kaluar maseuhan lambey - lambey.

Pikeun merlakukeun sangkan tenang éta Variabel_Ka_4 tadi: jantung, ku simkuring diakalan tanpa obat heula, tapi nganggo Cara Pangaweruh ti Cuncun, Tukang Urut, Urang Désa Cangkuang, Kacamatan Ciluncat, wates antawis Kacamatan Banjaran - Kacamatan Soréang, anumana anjeunna kantos masihan térapi kana pengkereun cepil - cepil simkuring bada` ngurut awak simkuring.
Tugu Wates Kacamatan Banjaran - Kacamatan Ciluncat, Kabupatén Bandung.

Kasauran anjeunna, dina sapengkeren cepil tiap - tiap jalmi, aya urat - urat nu aralit pisan, tapi jalurna lempeng, ngulingker sabudeureun cepil dina kulit mastaka bagéan nu téréh antel kana daun cepil bagéan pengker.
Jambatan Walungan Cisangkuy, ti Banjaran, saméméh Désa Cangkuang, Kacamatan Ciluncat.


Ku Cuncun dipertelakeun barijeung dipraktĂ©kkeun kana Ă©ta bagĂ©an urat - urat alit satukangeun cepil simkuring, nganggu tungtung jempolna, nu tĂ©rĂ©h antel kana kukuna. 
Pasawahan di DĂ©sa Cangkuang, Kacamatan Ciluncat.


Mangsa dipencét bagéan éta, harita simkuring kuatka tunduh, sabab raoseun, syaraf - syaraf soca - soca ogé karaos maksa narik kalopak - kalopak soca - soca sangkan peureum.

Tah ngingĂ©t Ă©ta tĂ©rapi ala Cuncun, Sobatna Bang Yus: Ahli Gurah di Klinik AJB, DĂ©sa Cagkuang, Kacamatan Ciluncat, KabupatĂ©n Bandung, bieu_wengi jeung Ă©njing_tadi, ku simkuring dipraktĂ©kkeun nyalira. 

Miwah tanpa kungsi 15 menitan, mencét - ngurut bagéan éta téh, mémang langsung karaos hasilna: nunduhkeun soca - soca, sanaos ieu gusi eukeur enyud - enyudan, jeung ngacay teras - terasan, tapi ku tunduh ma éléh ogé dominasi kanyeri téh.

Atuh reup simkuring tibra, sanaos waos masih kénéh nyeri, gusi bareuh dugi ka ngajendol kulit pipi beulah rahang katuhu, tapi rupina syaraf pitunduheun ma langkung diutamikeun ku Otak sangkan tiasa nyiasatan syaraf - syaraf anu eukeur paciweuh ku pesen - pesen kanyeri dina gusi bagéan waos nu aya liangan téa.

Ari mangsa lilir?: karaos deui nyerina.  KonsĂ©ntrasi simkuring dina pirang - pirang aktivitas, janten seueur kaselang ku serangan kanyeri ieu, nu sifatna eureun - jedud - eureun, jedud.

Kalebet dina kara neda. Tanpa kiat ngagayem sangu, sabab linu, da ari nyelapna ma tiasa diakalan ku tusuk gigi sabada`na neda.

Ku sa_Bab kitu?, simkuring masak Mie Instan wéh, nu aya kuahan, anumana asumsina?: saparantosna dipasak, mih ma tiasa kénéh diteureuyan tanpa kedah digayem sakumaha sangu.

Wayahna wéh, dina disanguanna ogé, éta sangu - sangu dilelep - lelep heula kana kuah mih nu parantos dipasak.

Comments