Antara Nelatkeun Waktu Medal, Jeung Tuturut Pola.

Hiji waktu, simkuring nyieun rancangan Input Data Barcode Barang, laju dijieun téksaréa formulana dina blog séjén. Aya nu unik dina ieu pamendak, nyaéta?: gambar nu diinput di sahandapeun bok téksaréa, bisa kabawa kakopi_pasteukeun kana draf anyar. Gambar ieu nyaéta pituin tina rancangan draf jieunan simkuring saméméh dipostingkeun tina Blogger.

..

Laju, sabadana dipostingkeun, ku simkuring dibuka deui éta postingan, milih 'édit', dina raraga?: pan seja palay ngopi_pasteu rumus html_NA téa. Lajeng, sabada dikopi, dipasteukeun kana Draft Blogger nu sanésna [Blog ICS], nu teu dibuka pikeun publik.

Ku simkuring dikurungan nganggo bok téksaréa deui éta eusi formula html nu dikopi téa, kalayan éta bok téksaréa téh ku simkuring dikurungan ongkoh dina lebet "button". Hasilna?: sakumaha nu katingal dina foto di handap ieu.

..

Lajeng, simkuring ngadamel deui postingan. Ari nu bieu ma Fail Masterna nyaéta Barcode Djarum Coklat, ari nu anyar ieu ma satadina rék dijeun pikeun Barcode Minyak Goréng Filma nu 2 Léter. Duanana ku simkuring dipostingkeun dina blogspot nu sami, ari rumusna ma, nyaéta tadi téa: disaving heula dina Blog ICS, sangkan gampil dikopi_pasteu deui mangsa diperyogikeun jaga. 

Ari pék?: hasilna sakumaha nu katingal dina foto di handap.

..

Ari bagéan luhurna ma normal, ngan éta dina bagéan handap, katingal aya foto kacandak, nyaéta nu sakuduna ma teu kacandak mangsa dikopi_pasteu_keun téh, sa_Bab?:
Kapanan éta nu dikopi téh tina eusi téksaréa nu di ICS, anumana kapisah jeung gambar nu aya di sahandapeunna.

Ngan?: simkuring inget, boa - boa masalahna aya 2 TAG Pamuka Button, atanapi aya 2 TAG Pamuka Téksaréa anumana TAG Panutupna ngan 1.

Jadi saolah - olah pada parebut TAG Panutup nu ukur 1 éta, sahingga?: éta fail foto nu tanpa niat dikopi, ngadon janten ngiring kapasteukeun [sanaos tanpa dikopi], alias?: tanpa dihoyong - hoyong, atanapi?: tanpa dihaja.

..

Lantaran bieu mah can kaingetan ayana kamungkinan éta, laju simkuring ujug - ujug muka sétingan tanggal pamedalan.

Ku simkuring dicobian dipundurkeun, kaping jeung sasihna: anu sakedahna dinten ieu [tengah - tengah antawis Kaping 17 jeung 18 Méi 2020], janten 29 Maret 2020.

..

Carana ma back date éta, mémang tanpa sesah, nyaéta?: kantun ngatur séting nu aya di beulah katuhueun displéy Draft Blogger dina Vérsi Tampilan "Compose". Lajeng?: pilih Fitur Kaping Dipublikasikeun: hoyong iraha?.

..


Tah, ieu saméméhna ma, prosésna téh kieu.

..

Kasimpulan?:
Badé back date, atanapi 'nyonték' tina pagawéan sorangan ma tanpa masalah, sa_Bab?: pan urang nu tanggel_walerna pikeun tiap - tiap karya pirang - pirang ti urang - urang.

📚 ieu diserat ku: Yusni Tria Yunda.

Comments